Sabtu, 21 Maret 2015

KISI-KISI/LATIHAN SOAL US 2015

1.      “Geus dibéjaan jeung dipapatahan sababaraha kali angger wé ngalakukeun pagawéan éta, sikepna teu daék robah”
Paribasa nu pantes keur ngagambarkeun ungkara di luhur ….
2.      “ Agul ku payung butut”
Harti nu luyu jeung pari basa di luhur, nya éta ….
3.      Urang kudu sayaga jiwa jeung raga pikeun ngajaga ieu lembur. Saha nu nyaho aya maung ngamuk gajah meta.

Harti tina babasan paribasa di luhur nya éta ….
4.       “Saha nu teu apal ka Bah Jarot, puguh gé jalma nu geus loba pangalamanna.
Babasan atawa paribasa naon nu pantes pikeun ngagambarkeun kalimah di luhur nya éta ….
5.       “Hirup téh kudu sauyunan, babarengan, silih tulungan, silih jaga jeung silih pikacinta”
Babasan atawa paribasa nu pantes keur ngagambarkeun kalimah di luhur nya éta ….
6.       “Cép Junéd meni sumanget pisan jadi panitia MOPD da puguh gé aya nu dianjing cai.”
Harti babasan di luhur nya éta …
7.      Dongéng radio téh mangrupa dongéng nu dicaritakeun bersambung ku penyiar radio. Salah sahiji tukang ngadongéng radio ka béh dieunakeun nu pangkawentarna di Jawa Barat, nya éta ….
8.      Sedengkeun Juru dongéng nu kawentar di Sukabumi nya éta ….
9.      Dongéng Aki-aki Hadé Budi kaasup kana dongéng…
10.  Di Sukabumi aya dongéng nu kasohor sanusantara, nya éta dongéng Nyi Roro Kidul. Kaasup kana dongéng…
11.  Sedengkeun dongeng nu eusina nyaritakeun asal muasal ayana ngaran jeung tempat Sukabumi nya éta dongéng…
12.  Dongeng Gunung Tangkuban Parahu kaasup kana dongéng….
13.  Dongéng téh kaasup kana carita balaréa, sarta sumebarna ….
14.  Dongéng Kian Santang kaasup kana dongéng …
15.  Runtuyan kajadian nu dialaman ku tokoh dina dongeng disebut ogé …
16.  Mangrupa pesen-pesen nu hayang ditepikeun ti anu ngarang ka nu maca atawa nu ngadéngékeun disebut ….
17.  Laku-lampah tokoh dina dongéng aya nu jadi picontoeun aya nu jadi pieunteunggeun. Cing mana di handap ieu nu kaasup picontoeun dina sempalan ieu di handap?
18.  Anu teu kaasup bédana dongéng jeung carita pondok téh nya éta …
19.   “Sikep ….! Sateu acan diajar hayu urang ngadu’a, ngadu’a ….”
20.   “Pa, permios abdi bade …. ti payun. Dupi bapa iraha badé ….
21.   “ Bapa nuju …. Abdi nuju …. Upami ….. mah nuju emam”
22.   “ Bu, punten abdi neda …. badé ka pengker”
“Enya, sok ku ibu …. Tong lami teuing nya, pan keur ulangan”
23.   “Haturan wilujeng …. pangersa bapa Pupuhu Sakola, teu hilap kanggo hadirin anu parantos aya …. Sumangga ….. lebet kumargi acara sakedap deui bade dikawitan.
24.  Biantara nya éta nyarita hareupeun jalma loba pikeun maksud jeung tujuan nu tangtu. Pikeun nepi kana tujuan anu diperlukeun cara-cara atawa téknik nyarita anu hade ka balaréa. Dina ieu hal perlu seni ngolah caritaan sangkan batur kataji atawa kapangaruhan kana caritaan urang, istilahna sok disebut ….
25.  Dumasar kana tujuanna biantara téh aya tilurupa. nu kahiji mangaruhan batur sangkan nurut kana kahayang nu biantara, Nu ka dua méré informasi atawa warta, sedengkeun nu katilu nya éta ….
26.  Saméméh prak-prakan biantara aya sawatara/sababaraha hal nu kudu dipikanyaho. Diantara nya éta mikanyaho …. acara. Maksudna ngarah sagala nu dicaritakeun ku urang téh aya nyambung atawa aya hubunganana jeung acara nu keur dilaksanakeun. Sedengkeun mikanyaho …. nu disadiakeun ku panitia mah maksudna ngarah eusi biantara nu ku urang geus ditataharkeun bisa katepikeun kabéh ka nu ngadéngékeun.
27.  Dina wanda/jenis biantara aya nu disebut Mémoritér, maksaudna ….
28.  Biantara nu dina prak-prakanna ngagunakeun gurat-gurat badag atawa garis besar, disebut biantara ….
29.  Hal nu kudu diperhatikeun dina biantara diantarana, iwal
30.  Dina ngoméntaran biantara téh diantarana merhatikeun pasemon kudu nandakeun daria. Kecap nu dicondongkeun dina ungkara di luhur ngabogaan harti ….
31.   “ Puji sinareng sukur ….. ka Alloh nu maha gofur, ….. nu utami ka Allo Nu Maha …..”
32.   “ Alhamdulillah urang sadaya tiasa …. mungpulung, …… merbayaksa dina ieu acara.”
33.   “ Solawat miwah salam mugia salamina …. ngagolontor ka Jungjuna urang sadayana nya éta Nabi Muhammad SAW”
34.   “Kersana bapa kepala sakola anu ku sim kuring ….”
35.   “ Ogé teu hilap ka sadaya réréncangan sinareng adi kelas anu ku sim kuring dipikadeudeuh tur …..”
36.   “ Mung sakitu anu …. , bilih aya basa anu kirang …., pondok nyogok panjang …., langkung saur bahé …., bobo sapanon carang …..”
Kecap nu pantes pikeun ngalengkepan kalimah dina bagian biantara di luhur nya éta ….

37.  “tutus langkung képang …., kirang dingding ….., mugia ageung cukup …., jembar hampura anu ….”
Kecap nu pantes pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta ….
38.   “Ngadegna sim kuring di ieu tempat Insya Alloh seja medar perkawis Bahaya Narkoba kanggo Kaom Rumaja
Ungkara/kalimah di luhur mangrupa bagian tina ….
39.  Di handap ieu nu mangrupa biantara nu eusina ngalaporkeun kana hiji pancén/tugas sok disebut ….
40.  Bapa kepala sakola nuju ngadugikeun biantara sambutan dina rapat kenaikan kelas. Kecap sambutan sarua hartina jeung ….
41.  Maham eusi materi nu bakal didiskusikeun, muka acara diskusi, nyebutkeun jejer nu bakal dibahas, ngawanohkeun saha-sahana anu bakal nyarita, ngatur lumangsungna tanya jawab, objektif atawa teu mihak salah sahiji kelompok, jeung muka sarta nutup acara sawala kaasup kana tugas ….
42.  Pancén utama saurang moderator dina diskusi nya éta ….
43.  Moderator : “ Assalamu’alaikum warrohmatullohi wabarokaatuh …. Sadérék sadayana, mangga ieu acara téh uranga kawitan ku ngaos basmalah sasarengan”
Ungkara basa di luhur biasana dipokkeun ku moderator saupama ….
44.  Kumaha pok-pokanana upama moderator ngatur acara saméméh lumangsungna tanya jawab?
45.  Moderator nétélakeun yén waktu diskusi méh teu nyukupan, pok-pokanana ….
46.  Kumaha merenahna pok-pokan moderator saméméh mungkas diskusi?
47.   “Anggota kelompok tujuh sadayana aya tilu urang. Sateuacan dikawitan, ku simkuring bade diwanohkeun saurang-saurangna. Anu calik palih tengen jenenganana Ridwan, anu di tengah jenenganana Rida, sareng anu palih kiwa jenenganana Rindang.”
Pok-pokan moderator di luhur téh dikedalkeun saupama ….
48.  Kumaha pok-pokan upama moderator ngabéjakeun topic acara diskusi:
49.  Kumaha pok-pokan moderator saupama ngaturanan nyarita ka pamilon diskusi?
50.  Mana pok-pokan moderator negeskeun jawaban nu dipedar ku anggota kelompok nu midang?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar