Minggu, 08 September 2013

Latihan UTS Ganjil

ULANGAN TENGAH SEMESTER GANJIL

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Kelas                : XII IPA/IPS
Hari                  : Selasa
Tanggal            : 09 Oktober  2012
Waktu               : 09.15 – 10.45

Pilih jawaban nu pangbenerna tur pangpantesna!


1.      Dongéng nu eusi caritana ngandung unsur sajarah, saperti Kéan Santang, Séh Abdulmuhyi, disebut ....
a.      pabel              c. sagé             é. sasakala
b.      parabel           d. mite
2.      Salah sahiji sipat tina dongéng téh anonim, ngandung harti ....
a.      puguh nu garangna    d. taya pangarangan
b.      teu puguh caritana    é. pamohalan
c.       teu puguh jejerna

3.      ... mangrupa ku saha dicaritakeunna atawa kumaha cara nyaritakeun palaku éta karangan.
a.      téma               c. galur                        é. jejer
b.      amanat           d. puseur implengan
4.      Sajaba ti korsi,  jojodog, aya ogé ... nya éta paranti diuk nu dijieun tina awi
a.    balandongan   c. tarajé           é. golodog
b.    tepas               d. babaléan
5.      Pantes rék ... ogé awakna, da sapopoéna dahar soré henteu isuk.
a.      lintuh              c. lingsig          é. cengkrang
b.      pendék           d. jangkung
6.      Dina dongéng Dalem Boncél nu kungsi ku hidep dibaca, naha Si Boncél bet minggat ti dununganna?
a.      hayang ngumbara
b.      hayang bébés             d. teu kuat dikakaya
c.       capé gawé                  é. hayang jadi dalem
7.      Si Boncél indit téh teu puguh nu ... sakaparan-paran waé nuturkeun indug sukuna.
a.      diburu c. dilongok       é. ditéang
b.      dijugjug          d. disampeur
8.      Jalma nu sok ngajaga jeung ngawulaan raja jaman baheula disebut ....
a.      pencaga        c. bodigar      é. gulang-gulang
b.      jéger               d. algojo
9.      Sajaba ti tukang ngamén jeung tukang dagang asongan ayeuna mah di unggal parapatan téh sok aya tukang jajaluk, nya éta jalma nu sok ....
a.      baramaén      c. barangbére é. barangasan
b.      barangbeuli    d. barangdahar
10.  Basa diangkat jadi bupati, Dalem Boncél ngantorna di ....
a.      gubernuran    c. pendopo      é. kadaleman
b.      balé kota        d. gedong saté
11.  Si Boncél mah éstu jalma ... da manéhna mah bisa nyaluyukeun diri jeung kaayaan di sababaraha tempat
a.      ka ditu ka dieu           d. ka bala ka balé
b.      ka luar ka jero            é. ka balé ka balé
c.       Ka bulu ka balé
12.  Si Boncél mah mimindengna ... lantaran sapopoéna langka manggih kadaharan siga jalma séjén.
a.      luntang-lantung         d. luas-léos
b.      lentah-léntéh             é. luha-loho
c.       luhak-léhék
13.  Geus lila pisan Si boncél ... indit ti imah indung bapana ngadon hirup di lembur batur.
a.      piknik              c. pelesir         é. nyaba
b.      ngumbara      d. wisata
14.  Si Boncél ... nyuuh dina tutunggul kuburan indung bapana nu geus dinyenyeri ku manéhna.
a.      luwa-lewé      c. nyegruk       é. nyegrék
b.      jejeritan         d. seuseurian
15.  Kalimah parétah di handap nu pungsina pikeun ngajak nya éta ....
a.      Lina pangnyandakeun cai sagelas
b.      Lani badé angkat ka pasar moal?
c.       Upami Léna badé mulih ti payun mah mangga!
d.      Kadé Léni mah ulah waka balik ayeuna!
e.      Hayu rék bareng mah, karunya Luna ngantosan
16.  “Yud, hempék wé rék dahar ti heula mah, kuring mah can hayang!”
a.      nitah               c. nyaram        é. ngajurung
b.      ngajak            d. miharep
17.  Conto kalimah paréntah nu pungsina keur nyaram ieu di handap nya éta ....
a.      A, pangmésérkeun balon nya!
b.      Ulah siang teuing angkatna!
c.       Cokot pulpén!
d.      Hayu urang ka pasar!
e.      Jig atuh geura indit bisi kaburu hujan!
18.  Paguneman téh mangrupa kagiatan nyarita dua arah. Maksudna ny éta ....
a.      aya nu nanya aya nu ngajawab
b.      aya nu ngajawab aya nu nanya
c.       teu ngajawab teu nanya
d.      bisa nanya bisa teu nanya
e.      bisa nanya, maréntah, jeung ngajawab
19.  Hal nu kudu diperhatikeun dina paguneman téh nya éta luhur-handap, panjang-pendék, jeung bedas-halonna sora, nu sok disebut ....
a.      léntong                       d. lantung
b.      lontong                       é. lentong
c.       lenteng
20.  “ Ki, manawi ... perkawis Talaga Bandung?”
Basa hormat nu pantes keur ngalengkepan kalimah di luhur nya éta ....
a.      nyaho             c. uninga         é. apal
b.      terang                        d. Paos
21.  “ Dagoan heula ... , ménta cai sagelas, asa hayang nginum heula!”
a.      sakedap          c. sakapeung   é. sakedeng
b.      saliwat            d. sakeudeung
22.  “Abdi mah upami mondok téh sok tabuh salapan wengi, tapi upami pun bapa mah ... tabuh sapuluh wengi.”
a.      saréna                                    d. leleson
b.      bobona                       é. kulem
c.       modokna
23.   ... taun ti saprak ditinggalkeun ku anakna, indungna téh pindah ka kota.
a.      unggal            c. saban           é. lila-lila
b.      sawatara                    d. rupa-rupa
24.  Runtah anu ... walungan téh diangkat ku warga.
a.      nuruban          c. meungpeukan
b.      mendetan       d. nyocokan     é. nutupan
25.  Resepeun ka budak éta mah, da ... paripolahna alus pisan.
a.      laku                c. lampah        é. tingkah
b.      tindak             d. adat
26.  Sajaba ti dina majalah, tulisan nu mangrupa artikel biasana sok aya ogé dina ....
a.      koran                          d. buku
b.      radio                           é. televisi
c.       perpustakaan
27.  Naon sababna nepi ka iraha gé béas béas tetep dipikabutuh?
a.      Sabab Indonésia nagara agraris
b.      sabab urang Sunda mah boga huma
c.       sabab béas kadaharan poko masarakat Indonesia
d.      sabab harga béas mah terus naék
e.      sabab Indonésia can bisa ngaékspor béas
28.  Sawah tadah hujan mangrupa sawah nu caina sacukup-cukupna ngagunakeun cai hujan. Sawah tadah hujan disebut ogé sawah ....
a.      geledag                      d. geledug
b.      huma                          é. beledug
c.       gélédug
29.  Kagiatan ngarambét téh biasana dilaksanakeun waktu paré ukuran satuur keuwih atawa umur ....
a.      41 poé                        d. 4 bulan
b.      40 poé                        é. 44 poé
c.       20 poé
30.  Bebegig atawa bobonékaan anu sok diteundeun di  tengah sawah gunana pikeun ....
a.      ngabasmi beurit
b.      ngabasmi hama wereng
c.       nungguan sawah
d.      nyingsieunan manuk
e.      nyuburkeun paré
31.  Sangkan paré leuwih subur mah kudu ....
a.      diwuluku         c. ditandur       é. dirambét
b.      digemuk         d. digaru
32.  Miceun jujukutan di sawah sangkan teu ngaganggu tumuwuhna paré disebutna ....
a.      ngagemuk                  d. ngagaru
b.      ngawuluku                  é. ngarambét
c.       nyaplak
33.  Anu teu kaasup kana kalimah intransitif nya éta ...
a.      Kang Junéd nuju nyeuseuh sapatu
b.      Bi Éméh nuju ngalemar
c.       Juragan mah nuju angkat ka pasar
d.      Téh Nonih melak suuk di kebon
e.      Pa Hardiana nuju kulem
34.  Naon bédana kalimah transitif jeung kalimah intransitif?
a.    transitif merlukeun caritaan, intran sitif henteu
b.    intransitif merlukeun jejer, transitif henteu
c.    transitif  merlukeun pangrandap, intransitif henteu
d.    intransitif merlukeun jejer, transitif henteu
e.    transitif jeung intransitif mémang béda
35.  Istilah pangrandap dina kalimah, disebut ogé ....
a.      jejer                c. caritaan       é. objék
b.      katerangan     d. subjék
36.  Conto kalimah transitif ieu di handap, kajaba ....
a.      Kakang nyair lauk di balong
b.      Kang Roli mah nuju nyerat serat
c.       Manéhna mah lalajo bal di lapang
d.      Ceuceu mah nuju ngaput bajuna nu soék
e.      Pa Hardiana nuju kulém
37.  Anu teu kaasup kana kalimah intransitif nya éta ....
a.      Kuring ngala lauk di balong tonggoh
b.      Bu Guru mulih ka bumina
c.       Téh Mira nuju netepan
d.      Saréréa gé arindit ka sawah
e.      Pa Unang angkat ka mekah
38.  Nu dimaksud harti léksikal nya éta ....
a.      harti kecap nu geus dirarangkénan
b.      harti kecap nu geus ngalaman parobahan
c.       harti kecap dasar can ngalaman parobahan
d.      harti kecap injeuman
e.      harti kecap anu euweuh dina kamus
39.  Kecap geulis ditambah rarangkén tengah –um- jadi gumeulis. Harti gramatikal tina gumeulis nya éta ....
a.      ngrasa panggeulisna
b.      kalakuan ngarasa panggeulisna
c.       ngarasa teu geulis
d.      ngarasa rada geulis
e.      resep ngageulis
40.  Nurutkeun tempat cicingna rarangkén dina basa Sunda jumlahna aya ....
a.      1                                 d. 4
b.      2                                 é. 5

c.       3

1 komentar:

  1. Dupi anjeun néangan kecap injeuman bisnis, injeuman pribadi, etangan, mobil
    injeuman, injeuman murid, injeuman konsolidasi hutang, hutang unsecured, venture
    modal, jsb .. Atawa éta Anjeun nampik injeuman a ku bank atawa finansial
    lembaga pikeun hiji atawa leuwih alesan. Anjeun di tempat katuhu pikeun
    leyuran injeuman Anjeun! Kuring keur hiji lender pribadi, kuring méré kaluar gajian ka
    pausahaan jeung individu dina laju kapentingan lemah sareng affordable tina
    2%. Minat. Mangga kontak urang via email
    newdaytonloancompany@gmail.com
    BORROWERS DATA S
    1) Ngaran Full: .......................................................
    2) Nagara: ......................................................... ..
    3) Alamat: ..........................................................
    4) Propinsi: ............................................................ ..
    5) Sex: ................................................................
    6) Status kakawinan: .................................................
    7) pagawéan: ................................................... ..
    8) Nomer Telepon: ................................................
    9) posisi Ayeuna di tempat gawé: .....................
    10) panghasilan Bulanan: .............................................
    11) Jumlah injeuman Diperlukeun: .....................................
    12) injeuman Lilana: ................................................
    13) Tujuan tina injeuman: .......................................... ..
    14) Agama: ...................................................... ..
    15) Dupi anjeun diterapkeun saméméh ....................
    hatur nuhun,
    Ibu Sonia

    BalasHapus