Rabu, 01 Oktober 2014

Latihan UTS Ganjil kelas XII 2014

Nilik kana eusi carita jeung palakuna, dongéng bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Aya dongéng jalma biasa, dongéng sasatoan, dongéng sasakala jeung dongéng anu patali jeung mahluk gaib. Sedengkeun dongéng nu ngandung unsur sajarah mah disebutna…
a.    Sasakala       c. sage               d. Miteu
b.    Pamuk                   d. Pabel

 Salah sahiji sipat tina dongéng téh anonim, ngandung harti ....
a.    puguh nu garangna  d. taya pangarangan
b.    teu puguh caritana   é. pamohalan
c.    teu puguh jejerna


 Unggal juru dongéng miboga ciri mandiri sewing-séwangan. Nu miboga ciri sok biasa nyebutkeun “euh, waktosna kabujeng néngnong” …
a.    Mang Dédi              d. Mang Sofyan
b.    Wa Képoh              é. Mang Barna
c.    Mang Jaya

 Dongéng radio téh mangrupa dongéng nu dicaritakeun bersambung ku penyiar radio. Salah sahiji tukang ngadongéng radio ka béh dieunakeun nu pangkawentarna di Jawa Barat, nya éta ….
a.    Mang Dédi              d. Mang Sofyan
b.    Wa Képoh              é. Mang Rahmat
c.    Mang Jaya

Sedengkeun Juru dongéng nu kawentar di Sukabumi nya éta ….
a.    Mang Dédi              d. Mang Sofyan
b.    Wa Képoh              é. Mang Rahmat
c.    Mang Jaya

 “Para mitra sadaya, wilujeng patepang dangu sareng Abah Paninggaran ti Sturada Karawang dina dongéng “Si Buntung Jago Tutugan”, “Nyi Ganting”, “Si Bongkok”. Jejer –jejer dongéng radio di luhur dikarang ku ….
a.    Ahmad Afandi Asgar
b.    Bah Darya
c.    Muhammad Afandi Askar
d.    Yayat Sudaryat
e.    Godi Suwarna

 Dina dongéng Dalem Boncél nu kungsi ku hidep dibaca, naha Si Boncél bet minggat ti lemburna?
a.    hayang ngumbara
b.    hayang bébés                   d. teu kuat dikakaya
c.    capé gawé              é. hayang jadi dalem

 Si Boncél indit téh teu puguh nu ... sakaparan-paran waé nuturkeun indug sukuna.
a.    diburu           c. dilongok     é. ditéang
b.    dijugjug        d. disampeur

 Jalma nu sok ngajaga jeung ngawulaan raja jaman baheula disebut ....
a.    penjaga        c. bodigar    é. gulang-gulang
b.    jéger            d. Algojo

 Si Boncél mah éstu jalma ... da manéhna mah bisa nyaluyukeun diri jeung kaayaan di sababaraha tempat
a.    ka ditu ka dieu        d. ka bala ka balé
b.    ka luar ka jero         é. ka balé ka balé
c.    Ka bulu ka balé

 Geus lila pisan Si boncél ... indit ti imah indung bapana ngadon hirup di lembur batur.
a.    piknik           c. pelesir       é. nyaba
b.    ngumbara     d. Wisata

 Si Boncél ... nyuuh dina tutunggul kuburan indung bapana nu geus dinyenyeri ku manéhna.
a.    luwa-lewé     c. nyegruk     é. nyegrék
b.    jejeritan        d. Seuseurian

 Kalimah paréntah di handap nu pungsina pikeun ngajak nya éta ....
a.    Lina pangnyandakeun cai sagelas!
b.    Lani badé angkat ka pasar moal?
c.    Upami Léna badé mulih ti payun mah mangga!
d.    Kadé Léni mah ulah waka balik ayeuna!
e.    Hayu urang bareng we balikna  ayeuna!
 “Yud, hempék wé rék dahar ti heula mah, kuring mah can hayang!”
a.    nitah            c. nyaram      é. ngajurung
b.    ngajak                    d. Miharep

 Kalimah paréntah nu pungsina keur nyaram ieu di handap nya éta ....
a.    A, pangmésérkeun balon nya!
b.    Ulah siang teuing angkatna!
c.    Cokot pulpén!
d.    Hayu urang ka pasar!
e.    Jig atuh geura indit bisi kaburu hujan!

 Kalimah Panggentra (vokatif) nyaéta kalimah panyeluk nu diwangun ku nyebut ngaran, gelar, sesbutan, atawa pangkat geusan manggil atawa ngagentraan jalma lian.
Sedengkeun nu teu kaasup kalimah panggentra, nya éta ….
a.     Asép!                    d. coy!
b.    Bréd!                     é. emh!
c.     Lur!

 Kalimah panyeluk anu ngébréhkeun rasa panyatur, biasana tumali jeung kanyeri, kareueus, kakeuheul, antusiasme. Sedengkeun nu teu kaasup kana kalimah anteuran
a.    Aduh!            c. euleuh!
b.    Aduy!            d. alah          é. Horséh

 Paguneman téh mangrupa kagiatan nyarita dua arah. Maksudna ny éta ....
a.    aya nu nanya aya nu ngajawab
b.    aya nu ngajawab aya nu nanya
c.    teu ngajawab teu nanya
d.    bisa nanya bisa teu nanya
e.    bisa nanya, maréntah, jeung ngajawab

 Hal nu kudu diperhatikeun dina paguneman téh nya éta luhur-handap, panjang-pendék, jeung bedas-halonna sora, nu sok disebut ....
a.    léntong                  d. lantung
b.    lontong                  é. lentong
c.    lenteng
  
                         POLA PAGUNEMAN


Panyatur                                             ……

                    Objek Obrolan

Kecap nu pantes pikeun ngalengkepan pola paguneman di luhur nya éta …
a.    Pamiarsa                d. Ngawawarkeun
b.    Paguneman            é. Panyatur
c.    Médiator

 “ Ki, manawi ... perkawis Talaga Bandung?”
Basa hormat nu pantes keur ngalengkepan kalimah di luhur nya éta ....
a.    nyaho          c. uninga       é. apal
b.    terang          d. Paos

 “ Dagoan heula ... , ménta cai sagelas, asa hayang nginum heula!”
a.    sakedap       c. sakapeung é. sakedeng
b.    saliwat         d. Sakeudeung

 “Abdi mah upami mondok téh sok tabuh salapan wengi, tapi upami pun bapa mah ... tabuh sapuluh wengi.”
a.    saréna                   c. réhat
b.    bobona        d. kulem     é. modokna

 “ (1) Mangga wae gera tuang heula Pa !
(2) Abdi mah parantos neda.
(3) Upami teu kaabotan abdi mah bade neda piduana ti Bapa!
(4) Ah, bapa mah moal dahar, keur teu ngarareunah padaharan…”

Ungkara di luhur, anu kecapna ngabogaan harti homograf, nya éta
a.    kalimah ka-1 jeung ka-2
b.    kalimah ka-2 jeung ka –3
c.    kalimah ka –3 jeung ka-4
d.    kalimah 4 jeungka-1 
e.    kalimah 1, 2, 3

 Pilih kecap ieu di handap anu mangrupa kecap umum !
a.    Melati
b.    Ros                       d. tanjung
c.    lele                        é. Tatangkalan

 Isuk-isuk keneh jalma-jalma geus minuhan sisi Situ Gunung, aya anu mawa ayakan,
sirib, heurap, kecrik jeung alat sejena anu bisa pake ngala lauk. Beunteur, sepat, 
bogo, lele jeung sajabana.
Kecap husus dina ungkara kasebut, nya éta:
a.    Lauk            c. Gunung
b.    Situ,             d.  mawa,       é. heurap

 Aki = “ Kunaon nini nyekelan wae beuteung?”
Nini = “ Ieu, padaharan nini nyeri!”
Dumasar kana paguneman diluhur, kecap anu ngabogaan harti leksikal nya éta:
a.    Nyekelan
b.    padaharan              d. dumasar
c.    kunaon                  é. beuteung

”Barang anjog ka Taman Asri, Si Ibro ngahuleng bari luak lieuk susuganan aya anu wawuh. Manehna bingung teu nyaho jalan pibalikeun. Ari budak anu kurung batok mah karek sakalieun ulin ka kota oge bet ngarasa katalimbeng…”
 Kecap anu ngabogaan harti konotatif dina ungkara di luhur, nya éta:
a.    barang anjog , taman topi
b.    jalan pibalikeun, kurung batok
c.    katalimeng, ngahuleng
d.    taman topi, kurung batok
e.    nyaho, karék

 “Prasasti Ciaruteun mangrupa titinggal raja Purnawarman.”
Kecap Prasasti Ciaruteun ngabogaan harti :
a.    konotatif
b.    homonim               d. homofon
c.    denotatif                é. Polisemi

 “Budak téh jongjon wae dahar , teu ningalieun sangu anu dihuapkeunana maruragan dilodokan ku entog.” Kecap dilodokan, dina kalimah di luhur, ngabogaan harti sinonim nya éta:
a.    tuang
b.    neda                     d. negég
c.    dahar                    é. Nyatu

 “Si Juned mah kawentar jalma malarat.” Kecap antonim tina kecap malarat nya eta :
a.    Sangsara
b.    Beunghar               d. heureut pakeun
c.    Miskin                             é. teu boga

 Pilih kalimah di handap ieu anu hartina ngalegaan!
a.    “Pa, ari ibu kamana ?” Ceuk Sinta nanyakeun indungna
b.    ”Geura tuang heula atuh bapa!” ceuk Raras ka bapana.
c.    “Ari Bapa Camat nyondong kitu Neng ?” ceuk Mang Udin.
d.    Pun bapa mah nuju angkat ka Jakarta
e.    “ Mang, bade angkat ka mana?” ceuk Nonih ka mamangna

 Titenan paguneman ieu di handap!(pikeun sababaraha soal di handap)
1). Aki : “Ulah gutak gitek wae nini, diuk téh teu sopan, era ku pa guru!”
2). Nini : “ih… ari si aki sok baw
él!”
3). Sinta : “jep, atuh jempe isin tuh ku Tanteu Susi, ningali wae ka dieu!”
4). Guru : “ Keun ba
é atuh, “ (témbalna, sarta pok nyarita deui)
“ Bi Ijah…nyandak cai yeuh kadieu, aya tamu geura suguhan!”

Dumasar kana ungkara di luhur, kalimah anu kecapna ngandung harti peyorasi, nyaeta :
a. no. 1
            c. no. 3         é. no 1, 4
b. no. 2            d. no. 4

 Sedengkeun kalimah anu kecapna ngabogaan harti spesifikasi dina paguneman di luhur, nyaeta:
a. no. 1
            c. no. 3         é. no. 1, 4
b. no. 2            d. no. 4

 Kecap anu hartina ngaluhuran dina paguneman di luhur, di antarana:
a. Bi Ijah
           c. Guru                   é. Sinta
b. Tanteu          d. nini.

 Tengetan ungkara basa ieu di handap!

“Gunung Gedé ari wanci isuk-isuk mah ngajogo diharudum ku halimun, estu ku matak waas. Hal kitu téh komo deui lamun disawangna ti kadeukeutan bruhbreh pamandangan mani éndah. Angin gunung ngahiliwir kacida pisan ngeunahna. Sakapeung mah dipirig ku sora manuk mani hipu jeung manis pisan kadéngéna…”
Kecap dina paragraf di luhur anu ngabogaan harti sinestesia, di antarana:
a. diharudum ku halimun,
b. pamandangan mani éndah
c. angin gunung ngahiliwir,
d. sora manuk mani hipu jeung manis.
é. Ngahiliwir kacida
 “Para anggota DPR keur némbongkeun sihungna dina sidang paripurna.”
Kecap sihung dina kalimah di luhur, ngabogaan harti, nya éta:
a. huntu anu seukeut
b. duit                        d. senjata.
c. kakawasaan             é. Pakéan

 “Ari make amplop mah teu burung budak téh lulus ujianana!” kecap amplop ngandung harti; a. sinestesia,     c. Peyorasi     é. ngasor
b. asosiasi,        d. ameliorasi.

 “Robet Uhe jadi asisten pelatih sepak bola kesebelasan Italia.” Kecap asisten ngabogaan harti :
a. asosiasi,        c. Peyorasi     é. ngasor
b. spesifikasi,     d. ameliorasi.

 Pilih kalimah di handap ieu anu hartina ngalegaan!
a.    Tanteu Erna tukang bala-bala keliling ka tabrak beca.
b.    Pun Bibi mah kawitna ti Bogor. 
c.    Para santri keur ngaji di pasantren Kiai Adullah Mustofa.
d.    “Punten bade tumaros, ari anu bade nikah téh Teteh kitu?” ceuk pa lebé
“ah teuing.

3 komentar: