Selasa, 29 November 2016

KISI_KISI & LATIHAN SOAL UAS GANJIL 2016

LATIHAN SOAL UAS SEMESTER GANJIL 2016
WALER  SARTA LENGKEPAN SOAL-SOAL IEU DI HANDAP MINANGKA LATIHAN NGEUSIAN SOAL-SOAL UAS!

1.     Mangrupa élmu anu aya patalina jeung kagiatan ngimeutan kajadian anu lumangsung di jagatraya, mangrupa wangenan tina ….
2.     Dina siding International Astromical Union ditétélakeun yén Pluto ogé kaasup kulawarga planet. Kecap kulawarga dina kalimah di luhur bisa diganti ku kecap ….
3.     Saha nu nyaba ka bulan dina taun 1969?....
4.     Ari nu sok disebut bulan téa, nya éta anus ok caang …. Unggal tanggal 14.
5.     Naon sababna nepi ka iraha gé béas tetep dipikabutuh?
6.     Sawah tadah hujan mangrupa sawah nu caina sacukup-cukupna ngagunakeun cai hujan. Sawah tadah hujan disebut ogé sawah ....
7.     Kagiatan ngarambét téh biasana dilaksanakeun waktu paré ukuran satuur keuwih atawa umur ....
8.     Sangkan paré leuwih subur mah kudu ....
9.      “Cep Junéd jeung Néng Nonih tos lami papacangan”. Harti kecap anu disangigirkeun nya éta ....
10.    “Sabenerna mah Junéd gé teu hayang geura-geura boga kabogoh lantaran sok ngaganggu waé kana pikiran”.
Kabohna Junéd istilahna sok disebut ....
11.    “ Isteri saya sedang melahirkan”
Ungkara di luhur upama disalin kana basa Sunda anu hormat nya éta ....
12.   Dongéng nu eusi caritana ngandung unsur sajarah, saperti Prabu Siliwangi, Séh Abdulmuhyi, disebut ....
13.   Salah sahiji sipat tina dongéng téh anonim, ngandung harti ....
14.   ... mangrupa ku saha dicaritakeunna atawa kumaha cara nyaritakeun palaku éta karangan.
15.   Pantes rék ... ogé awakna, da sapopoéna dahar soré henteu isuk.
16.   Dina dongéng Dalem Boncél nu kungsi ku hidep dibaca, naha Si Boncél bet minggat ti dununganna?
17.   Si Boncél indit téh teu puguh nu ... sakaparan-paran waé nuturkeun indug sukuna.
18.   Jalma nu sok ngajaga jeung ngawulaan raja jaman baheula disebut ....
19.   Si Boncél mah éstu jalma ... da manéhna mah bisa nyaluyukeun diri jeung kaayaan di sababaraha tempat
20.   Si Boncél mah mimindengna ... lantaran sapopoéna langka manggih kadaharan siga jalma séjén.
21.   Si Boncél ... nyuuh dina tutunggul kuburan indung bapana nu geus dinyenyeri ku manéhna.
22.   Hal nu kudu diperhatikeun dina paguneman téh nya éta luhur-handap, panjang-pendék, jeung bedas-halonna sora, nu sok disebut ....
23.    “ Ki, manawi ... perkawis Talaga Bandung?”
Basa hormat nu pantes keur ngalengkepan kalimah di luhur nya éta ....
24.   “Abdi mah upami mondok téh sok tabuh salapan wengi, tapi upami pun bapa mah ... tabuh sapuluh wengi.”
25.   ... taun ti saprak ditinggalkeun ku anakna, indungna téh pindah ka kota.
26.   Runtah anu ... walungan téh diangkat ku warga.
27.   Resepeun ka budak éta mah, da ... paripolahna alus pisan.
28.   Biantara nya éta nyarita hareupeun jalma loba pikeun maksud jeung tujuan nu tangtu. Pikeun nepi kana tujuan anu diperlukeun cara-cara atawa téknik nyarita anu hade ka balaréa. Dina ieu hal perlu seni ngolah caritaan sangkan batur kataji atawa kapangaruhan kana caritaan urang, istilahna sok disebut ….
29.   Dumasar kana tujuanna biantara téh aya tilu rupa. nu kahiji mangaruhan batur sangkan nurut kana kahayang nu biatara, Nu ka dua méré informasi atawa warta, sedengkeun nu katilu nya éta ….
30.   Dina wanda/jenis biantara aya nu disebut Mémoritér, maksaudna ….
31.   Biantara nu dina prak-prakanna ngagunakeun gurat-gurat badag atawa garis besar, disebut biantara ….
32.   Hal nu kudu diperhatikeun dina biantara diantarana, iwal
33.   Dina ngoméntaran biantara téh diantarana merhatikeun pasemon kudu nandakeun daria. Kecap nu dicondongkeun dina ungkara di luhur ngabogaan harti ….
34.    “ Alhamdulillah urang sadaya tiasa …. mungpulung, …… merbayaksa dina ieu acara.”
35.    “ Solawat miwah salam mugia salamina …. Ngagolontor ka Jungjuna urang sadayana nya éta Nabi Muhammad SAW”
36.    “Kersana bapa kepala sakola anu ku sim kuring ….”
37.   Di handap ieu nu mangrupa biantara nu eusina ngalaporkeun kana hiji pancén/tugas sok disebut ….
38.   Karangan anu sipatna ngajelaskeun hiji hal nepi ka bubuk leutikna disebut karangan ….
39.   Karangan nu wangunna artikel biasana dimuat dina koran atawa majalah. Kecap nu dicondongkeun kagolong kana ….
40.   prosés atawa léngkah-léngkah dina nyieun pupuh anu eusina mangrupa déskripsi ngeunaan hji barang atawa kajadian, umumna panjang, disebut ....

41.   Anu anon Gatotkaca
ditimbalan majeng jurit
sukalillah henteu baha
sanajan geus terang sidik
yén anjeunna geus pasti
dina perang bakal pupus
ku margi sanés pantar
ngamusuh Karna nu sakti
nanging manah henteu nyoréang ka tukang
Sanggeus niténan rumpaka
42.   pupuh téh aya tujuh belas tur mibanda watek séwang-séwangan. Watek pupuh balakbak nya éta ...
43.   Puisi heubeul/buhun téh kauger ku patokan dina nyiptakeun jeung ngagunakeunana. Sedengkeun jumlah engang dina sapadilan disebut ...
44.   Ngantos dua buta ngumpul
Gatotkaca ngapung deui
bari ngintip tina méga
ka dua buta geus sidik
arék ngagencét Pandawa
Gatotkaca taki-taki
Gurulagu jeung guruwilangan tina rumpaka di luhur nya éta ....
45.   Wanci tengah poé nya éta panonpoé aya di luhureun embun-embunan kira-kira tabuh 12.00.
46.   Wanci lingsir ngulon nya éta wanci panonpoé ngésér ka kulon,
47.    “Wanci janari leutik Cep Juned nyaring, cong nyembah ka Nu Ngawasa satungkebing”.
48.    “Isuk jaganing géto gé kabagjaan bakal kasorang”
Kecap isuk jaganing géto sarua hartina jeung ….
49.   Dina istilah usum-usuman aya kaayaan masarakat kaserang ku rupa-rupa panyakit nu babari tépa. Istilahna sok disebut usum ….

50.   Sedengkeun waktuna ngaberesihan sagala tatangkalan atawa tutuwuhan di lahan pihumaeun disebut usum ….

Tidak ada komentar:

Posting Komentar