Jumat, 24 Februari 2017

LATIHAN SOAL & KISI-KISI UJIAN SEKOLAH 2017

LATIHAN SOAL & KISI-KISI UJIAN SEKOLAH 2017

1.     Kumaha pok-pokanana upama moderator ngatur acara saméméh lumangsungna tanya jawab?
“ku margi waktosna mung sababaraha menit deui, mung cekap kanggo saurang pananya. Mangga ka Déndi nu ngacung ti tadi dihaturanan!”
“Kanggo nu badé ngadugikeun patarosan, ulah hilap nyebatkeun jenengan sareng nomer absénna!”
“Sadérék sadayana, waleran ti kelompok lima téh nétélakeun yén tatakrama basa téh dipaké pikeun silih ajénan antar jalma nu nyaritana.”

“Sadérék anu dipihormat, Alhamdulillah waktos kanggo acara diskusi parantos réngsé.”
“Salajengna mangga urang tutup waé ieu acara diskusi ku ngaos hamdalah sasarengan.”
2.     Moderator nétélakeun yén waktu diskusi méh teu nyukupan, pok-pokanana ….
“Tah, kitu geuning pamadegan Rika ti Kelompok Hiji mah. Cing kumaha pamadegan réréncangan Kelompok Lima. Katampi éta pamadegan ti Kelompok Lima téh?”
“Tah, kitu geuning para sadérék pedaran anu didugikeun ku Kelompok Lima téh . Mugia waé Sadérék sadayana sarugema kana naon anu parantos disawalakeun nembé.”
“Ku margi mung sababaraha menit deui, mung cekap kanggo saurang pananya. Mangga ka Déndi nu ngacung ti tadi dihaturanan!”
“Manawi aya deui nu bade naroskeun?”
“Nu ditaroskeun téh aya tilu rupi, nya éta 1) …. 2) …. 3) ….”
3.      Kumaha merenahna pok-pokan moderator saméméh mungkas diskusi?
“Ku margi mung sababaraha menit deui, mung cekap kanggo saurang pananya. Mangga ka Déndi nu ngacung ti tadi dihaturanan!”
“Sadérék sadayana, waleran ti kelompok lima téh nétélakeun yén tatakrama basa téh dipaké pikeun silih ajénan papada jalma nu nyaritana.”
 “Sadérék sadayana, urang dangukeun waleran ti Kelompok Tujuh. Salajengna mangga ka Kelompok Tujuh dihaturanan kanggo ngawaler eta patarosan!”
“… sim kuring neda dihapunten bilih salami mingpin sawala aya kalepatan. Mangga urang tutup waé ieu sawala ku ngaoskeun hamdalah sasarengan. Alhamdulillahirobbil’alamiin”.
“Éta matéri bakal dipedar ku réréncangan ti Kelompok Tujuh.”
4.     Ngalarapkeun ragam basa kasar dina situasi ngambek aya dina kalimah ....
(Teu kenging heureuy, bisi disintreuk!==Geura pasihan nyatu hayam téh!==Tong ngahina kitu, bisi dicabok ku aing!==Énggal lebok atuh Pa!==Teunggeul oray téh ku tangkal sampeu!)
5.     Karangan nu wangunna artikel biasana dimuat dina koran atawa majalah. Kecap nu dicondongkeun kagolong kana …. (buku pelajaran==antologi==kalawarta==bulletin==modul)
6.     Melak paré téh salian ti di sawah anu ngagunakeun cai bisa ogé dilakukeun dina lahan anu teu ngagunakeun cai sacara langsung anu sok disebut …. (tandur==ngaseuk==ngahuma==ngaburujul==ngebon)
7.     Di handap ieu nu mangrupa tahapan atawa runtuyan melak paré di sawah nu bener, nya éta ….
(ngawur, tebar, babut, tandur, ngagemuk, ngarambet, dibuat==nyambut, tebar, babut, tandur, ngarambet, ngagemuk, dibuat==ngawuluku, ngaseuk, ngagemuk, ngoréd, dibuat==nyacar, ngaduruk, ngaseuk, ngagemuk, ngoréd, di buat==ngaléktor, ngaburujul, ngeprék, motong, jeung nganglér
8.     Dina istilah tatanén aya nu disebut celetu nya éta …. (kembang paré anu masih barodas==paré beuneur héjo==buah paré narik beuneur konéng==ngagarisan sawah nalika rék melak pare==sawah nu kacaianna dina waktu usum hujan)
9.     Nu kaasup kana kalimah langsung di handap ieu nya éta .... (Mira ngajelaskeun ka nu haladir, yén éta acara téh dilaksanakeunana enggoning ngébréhkeun rasa kabungah--Mira ménta dihampura ka nu kaladir, saupama éta acara téh kurang nyugemakeun==Saméméh Mira macakeun runtuyan acarana, leuwih ti heula ngajak hadirin macakeun basmalah babarengan.==Saméméh acara dimimitian, Mira nyarita heula ka nu haladir, “Sateu acan simkuring ngaoskeun runtuyan acara, sumangga urang buka ieu acara ku maoskeun basmalah sasarengan!”==Mira nitah kuring kabéh maca basmalah saméméh nyaksikeun acara anu bakal lumangsung)
10.  Umumna nu disebut puisi buhun téh karangan wangun puisi anu kauger ku patokan jeung aturan-aturan, boh aturan ngagunakeun kecap boh aturan dina maké atawa ngagunakeunana. Puisi buhun nu tujuanana pikeun ngadatangkeun kakuatan goib keur anu macakeunna, nya éta …. (pupuh==mantra==sawérsisindiran==guguritan)
11.  Sedegkeun prosés atawa léngkah-léngkah dina nyieun pupuh anu eusina mangrupa déskripsi ngeunaan hji barang atawa kajadian, umumna panjang, disebut .... (guguritan==pupuh==ngagurit==wawacan==pantun)
12.  Puisi heubeul/buhun téh kauger ku patokan dina nyiptakeun jeung ngagunakeunana. Sedengkeun jumlah engang dina sapadilan disebut ... (gurulagu==gayabasa==guruwilangan==babasan==purwakanti)
13.   Ngantos dua buta ngumpul
Gatotkaca ngapung deui
bari ngintip tina méga
ka dua buta geus sidik
arék ngagencét Pandawa
Gatotkaca taki-taki
Gurulagu jeung guruwilangan tina rumpaka di luhur nya éta .... (8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8a==8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i==8o, 8e, 8a, 8eu, 8a, 8i==8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8é==8u, 8i, 8a, 8e, 8o, 8a)
14.                   POLA PAGUNEMAN

Basa Sunda
Basa Sunda
Basa Sunda
Basa Sunda
Basa Sunda
Basa Sunda
Basa Sunda
Basa Sunda
Basa Sunda
 


Panyatur                                             ……
 



                       Objek Obrolan
Kecap nu pantes pikeun ngalengkepan pola paguneman di luhur nya éta …(Pamiarsa==Ngawawarkeun==Paguneman==Panyatur==Médiator)
15.   “ Ki, manawi …. perkawis Talaga Bandung?”(uninga==nyaho==terang==apal==paos)
16.  Punten Pa, abdi ……. waktosna sakedap, abdi bade ngiring tumaros”
(ngaganggu==ngagawel==maksa==ngawagel==nyuhunkeun)
17.   “ Dagoan heula ... , ménta cai sagelas, asa hayang nginum heula!” (sakedap==sakapeung==sakedeng==saliwat==Sakeudeung
18.  “Abdi mah upami mondok téh sok tabuh salapan wengi, tapi upami pun bapa mah ... tabuh sapuluh wengi.”
(saréna==réhatna==bobona==kulemna==modokna)
19.  Aki = “ Kunaon nini nyekelan wae beuteung?”
Nini = “ Ieu, padaharan nini nyeri!”
Dumasar kana paguneman diluhur, kecap anu ngabogaan harti leksikal nya éta:
(nyekelan==padaharan==dumasar==kunaon==beuteung)
20.  “Bulan keur ngintip dina sela-sela méga”. Kaasup kana gaya basa .. (Hurunan==parsprototo==Mijalma==métapora==kadalon)
21.  Tulisan atawa karangan nu ngaguar hiji hal nu dianggap penting tur aktual, biasana dimuat dina kalawarta, mangrupa wangenan tina .... (sajak==biantara==drama==artikel==sawala)
22.  Basa Sunda nu digunakeun nalika urang nulis karagan nu sipatna ilmiah, nya éta basa .... (loma==lemes pisan==lemes==hormat pisan==hormat)
23.  Gaya basa anu digunakeun pikeun ngayakinkeun nu séjén sakur anu diomongkeunana téh enya-enya, nepi ka omonganana téh sok kaleuleuwihi, nya éta gaya basa .... (kadalon—ngasor—rarahulan==litotés==mijalma)
24.   Wangun katatabasaan anu ngawengku runtuyan kecap nu puguh adeganana (strukturna) pikeun ngébréhkeun pikiran kalawan gembleng, diwatesanan tur dicirian ku randegan (jeda) panjang jeung wirahma (lentong) ahir nu turun atawa naék disebut .... (paragraf==kalimah==Wacana==Paribasa==Babasan
25.  Kalimah ngantét anu dicirian ku kecap panyambung katurug-turug disebutna .... (Kalimah pangantét lalawanan==Kalimah pangantét pangjumlah==Kalimah pangantét pangjéntré==Kalimah pangantét panuluy==Kalimah pangantét panuluy)

26.  Nu disebut karangan éséy téh nya éta .... (Karangan panjangna nepi ka 10 kaca anu eusina ngaguar hiji pasualan dumasar kana sawangan pangarangna==Karangan pondok nu eusina ngaguar hiji pasualan dumasar kana sawangan pangarangna==Karangan pondok anu eusina ngaguar perkara seni budaya sunda dumasar kana sawangan guru atawa siswa==Karangan pondok anu eusian ngaguar kajadian anu aktual tur biasana ngandung unsur pamohalan kawas dongéng==Karangan panjang anu eusina ngaguar loba pasualan dumasar kana sawangan guru, mahasiswa atawa dosén)
27.   “Kersana bapa kepala sakola anu ku sim kuring ….” (dipicinta==dipiasih==hormateun==dipikadeudeuh==dipihormat
28.  Di handap ieu nu mangrupa biantara nu eusina ngalaporkeun kana hiji pancén atawa tugas, istilahna sok disebut …. (biantara bubuka==biantara panutup==biantara sambutan==biantara pertanggungjawaban==biantara mangaruhan batur)
29.  Kecap MC téh asalna tina kecap … (Muster of ceremony==Master of ceremony==Muster op seremoni==Master op ceremony==Muster of ceremony)
30.  Ieu di handap istilah nu nuduhkeun pangjejer acara, iwal.... (MC==Pamandu acara—Host –réporter--Présénter
31.  Satiap jalma boga kasempetan pikeun jadi MC, boh mandu acara dina kagiatan nu sipatna rohaka boh dina acara nu basajan. Nu mangrupa modal dasar dina profesi MC profesional nya éta …. (Beungeutna kudu geulis atawa kasép --Awakna kudu jangkung badag --Awakna kudu jangkung leutik --Mibanda wawasan nu lega -=Mibanda sora anu buleud tur kuat)
32.  Dina mandu acara atawa panata acara boga kawajiban nepikeun jeung ngatur nu bakal kapidangkeun jeung nu bakal lumangsung dina éta acara. Basa nu dipaké dina mandu acara atawa MC nya éta basa …. (lemes==sapantaran==loma==ka sahandapeun==kasar
33.  Dina mandu acara urang kudu merhatikeun pilihan kecap sangkan murwakanti. Tujuanana sangkan …. (hésé macana==babari macana==genah macana==genah ngadéngénan==genah maca jeung ngadéngéna)
34.  Ungkara nu pantes pikeun ngahaturanan ka nu rék midang nya éta …
(“Acara salajengna nya éta biantara pamapag anu baris didugikeun ku pangersa bapa kepala sakola, pangersa bapa kepala sakola sumangga dihaturanan” --“Acara salajengna nya éta haleuang ayat suci Al-quran anu baris didugikeun ku bapa Hadi, ka pa Hadi disumanggakeun” ==“Acara salajengna nya éta tampilan musik anu bakal didugikeun ku grup nasyid SMAN 2 Sukabumi, sok geura der ah!” --Acara Salajengna nya éta ngadu’a, anu baris dingpin ku pa H. Zénal Arifin, kanggo bapa H. Zénal waktu sareng tempat dihaturanan ==Acara salajengna nya éta biantara pamapag anu baris didugikeun ku pangersa bapa kepala sakola, pangersa bapa kepala sakola disumanggakeun”)
35.  Supados teu nyakolong teuing kana waktos sumangga ieu acara urang kawitan.” Kecap nyangkolong miboga harti …. (nyentug==nambahan==nyinggung==ngadahar==méakeun
36.  “Sateu acan ieu acara dikawitan …. Sim kuring kanggo maoskeun …. acara anu baris kapidangkeun”
(widian, runtuyan--widian, runtutan==idinan, susunan==ijinan, runtuyan==ijinan, draf)
37.  “Sim kuring pun Junéd, sateu acan amit … amit mundur seja nyuhunkeun dihapunten. Boh bilih aya basa nu kirang …., langkung saur bahé ….., bobo sapanon carang sapakan, bilih kirang dingding …., neda ageung cukup lumur jembar hampura anu …. (mungkur, merenah, carék, kelir, diteda ==indit, merenah, carék, kelir, diteda==mungkur, pas, carék, kelir, ditedda==mungkur, merenah, caram, kelir, diteda==mungkur,merenah, carék, kelir, didahar)
38.  Jalma nu boga gawé atawa kaparigelan nabeuh gamelan disebut ... (Pamayang==Palika==Nayaga –Nagaya==Panday)
39.  Kagiatan ngébréhkeun pamadegan ngeunaan perkara atawa masalah sangkan bisa netepkeun kumaha pialuseunana istilahna sok disebut .... (Wawaran—Wawancara==Talatah—Salawa==Salawa)
40.  Nu kaasup kana salah sahiji pancén panumbu catur dina kagiatan diskusi nya éta .... (Nyatetkeun hasil kalayan lengkep==Ngatur waktu jeung nepikeun jeung nepikeun perkara==Ngatur konsumsi pamilon==Nyatet perkara nu ditanyakeun ku pamilon==Ngawaragadan sagemblengna acara)
41.  Ieu di handap ditataan pasaratan mun rék jadi panumbu catur, iwal..... (Parigel dina ngatur waktu--Capétang nyarita ngagunakeun basa Sunda==Boga kaweruh ngeunaan masalah nu rék dipadungdengkeun==Kudu adil méré kasempetan ka sakabéh pamilon==Kudu miboga sikep neugtreug tur ngomong cowong)
42.  Nilik kana eusi carita jeung palakuna, dongéng bisa dipasing-pasing jadi sababaraha golongan. Aya dongéng jalma biasa, dongéng sasatoan, dongéng sasakala jeung dongéng anu patali jeung mahluk gaib. Sedengkeun dongéng nu ngandung unsur sajarah mah disebutna… (sasakala==sage==miteu==pamuk==pabel)
43.  Salah sahiji sipat tina dongéng téh anonim, ngandung harti .... (puguh nu garangna==taya pangarangan--teu puguh caritana==pamohalan==teu puguh jejerna)
44.  Sedengkeun juru dongéng nu kawentar di Sukabumi nya éta …. (Mang Didi--Mang Sofyan==Wa Képoh==Mang Rahmat==Mang Dédi)
45.  Biantara nya éta nyarita hareupeun jalma loba pikeun maksud jeung tujuan nu tangtu. Pikeun nepi kana tujuan anu diperlukeun cara-cara atawa téknik nyarita anu hade ka balaréa. Dina ieu hal perlu seni ngolah caritaan sangkan batur kataji atawa kapangaruhan kana caritaan urang, istilahna sok disebut … (rétorismeu==retorika==purwakanti==gaya basa==mamanis basa)
46.  Dumasar kana tujuanna biantara téh aya tilu rupa. nu kahiji mangaruhan batur sangkan nurut kana kahayang nu biatara, Nu ka dua méré informasi atawa warta, sedengkeun nu katilu nya éta …. (maksa==ngabekelan==mangaruhan==ngahibur==nyingsieunan)
47.  Biantara nu dina prak-prakanna ngagunakeun gurat-gurat badag atawa garis besar, disebut biantara …. (mémoritér==ékstémporan==manuskrip==hutbah==impromptu)
48.  Hal nu kudu diperhatikeun dina biantara diantarana, iwal...(basalentong--kamampuh ngawasa eusi--legana panggung jeung rohangan==sikep awak jeung dangdanan)
49.   “ Alhamdulillah urang sadaya tiasa …. mungpulung, …… merbayaksa dina ieu acara.” (kempel, hémpak==patepung, hémpak==riung, hémpak==hémpak, patepang==jonghok, hémpak
50.  “ Solawat miwah salam mugia salamina …. ngagolontor ka Jungjuna urang sadayana nya éta Nabi Muhammad SAW” (ngocor==manteng==ngucur==kahatur==ngécrét













































4 komentar:

  1. Kang pami tiasa mah ngangge option a,b,c,d atau e .ambih anu baca na ngartos sareng mih gampil di mengerti dipalih handap na pasihan kunci jawabana . hatur nuhun

    BalasHapus
  2. Punten Pa Asep Nurjaman teh anu ti SMPN Banyuresmi

    BalasHapus