Minggu, 24 September 2017

KISI-KISI UTS GANJIL 2017



***Hirup téh kudu ngarti, surti, nastiti, pinuji***
 
KISI-KISI ULANGAN TENGAH SEMESTER
2017
1.       Basa diangkat jadi bupati, Dalem Boncél ngantorna di ....
2.       Isteri saya sedang melahirkan”
Ungkara di luhur upama disalin kana basa Sunda anu hormat nya éta ....
3.       Geus lila pisan Si boncél ... indit ti imah indung bapana ngadon hirup di lembur batur.
4.       Si Boncél ... nyuuh dina tutunggul kuburan indung bapana nu geus dinyenyeri ku manéhna.
5.       Kalimah parétah di handap nu pungsina pikeun ngajak nya éta ....(lks)
6.       Miceun jujukutan di sawah sangkan teu ngaganggu tumuwuhna paré disebutna ....
7.       Nu dimaksud harti léksikal nya éta ....
8.       Kecap geulis ditambah rarangkén tengah –um- jadi gumeulis. Harti gramatikal tina gumeulis nya éta ....
9.       Nurutkeun tempat cicingna rarangkén dina basa Sunda jumlahna aya ....( JENIS/RUPA2 RARANGKEN tingal tina google)
10.    Dongéng nu eusi caritana ngandung unsur sajarah, saperti Prabu Siliwangi, Séh Abdulmuhyi,
11.    “Yud, hempék wé rék dahar ti heula mah, kuring mah can hayang!”
12.    Conto kalimah paréntah nu pungsina keur nyaram ieu di handap nya éta ....(lks)
13.    Si Boncél mah éstu jalma ... da manéhna mah bisa nyaluyukeun diri jeung kaayaan di sababaraha tempat
14.    Si Boncél mah mimindengna ... lantaran sapopoéna langka manggih kadaharan siga jalma séjén.
15.    Bebegig atawa bobonékaan anu sok diteundeun di  tengah sawah gunana pikeun ....
16.    Sangkan paré leuwih subur mah kudu ....
17.    Salah sahiji sipat tina dongéng téh anonim, ngandung harti ....
18.    ... mangrupa ku saha dicaritakeunna atawa kumaha cara nyaritakeun palaku éta karangan.
19.    Sajaba ti korsi,  jojodog, aya ogé ... nya éta paranti diuk nu dijieun tina awi
20.    Pantes rék ... ogé awakna, da sapopoéna dahar soré henteu isuk.
21.    Dina dongéng Dalem Boncél nu kungsi ku hidep dibaca, naha Si Boncél bet minggat ti dununganna?
22.    Si Boncél indit téh teu puguh nu ... sakaparan-paran waé nuturkeun indug sukuna.
23.    Jalma nu sok ngajaga jeung ngawulaan raja jaman baheula disebut ....
24.    Sajaba ti tukang ngamén jeung tukang dagang asongan ayeuna mah di unggal parapatan téh sok aya tukang jajaluk, nya éta jalma nu sok ....
25.    Dina istilah pancakaki aya nu disebut kapiincu, nya éta mangrupa ....
26.    “Cep Junéd jeung Néng Nonih tos lami papacangan”. Harti kecap anu disangigirkeun nya éta ....
27.     “ Saparantos lami lalagasan ayeuna mah Kang Dadangdipendakeunsareng jalmi nu mikaasih, mikadeudeuh, tur mukacinta.”
28.    “Sabenerna mah Junéd gé teu hayang geura-geura boga kabogoh lantaran sok ngaganggu waé kana pikiran”.
Kabogohna Junéd istilahna sok disebut ....
29.    Paguneman téh mangrupa kagiatan nyarita dua arah. Maksudna ny éta ....
30.    Hal nu kudu diperhatikeun dina paguneman téh nya éta luhur-handap, panjang-pendék, jeung bedas-halonna sora, nu sok disebut ....
31.     “ Ki, manawi ... perkawis Talaga Bandung?”
Basa hormat nu pantes keur ngalengkepan kalimah di luhur nya éta ....
32.     “ Dagoan heula ... , ménta cai sagelas, asa hayang nginum heula!”
33.     “Abdi mah upami mondok téh sok tabuh salapan wengi, tapi upami pun bapa mah ... tabuh sapuluh wengi.”
34.     ... taun ti saprak ditinggalkeun ku anakna, indungna téh pindah ka kota.
35.    Runtah anu ... walungan téh diangkat ku warga.
36.    Resepeun ka budak éta mah, da ... paripolahna alus pisan.
37.    Sajaba ti dina majalah, tulisan nu mangrupa artikel biasana sok aya ogé dina ....
38.    Naon sababna nepi ka iraha gé béas béas tetep dipikabutuh?
39.    Sawah tadah hujan mangrupa sawah nu caina sacukup-cukupna ngagunakeun cai hujan. Sawah tadah hujan disebut ogé sawah ....
40.    Kagiatan ngarambét téh biasana dilaksanakeun waktu paré ukuran satuur keuwih atawa umur ....

























1 komentar: